eusi kawih bubuy bulan
B. Daerah
driindri
Pertanyaan
eusi kawih bubuy bulan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dina rumpaka kawih aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa eusi rumpaka kawih. Unsur-unsur anu dimaksud nyaeta unsur tema atawa jejer, unsur nada jeung suasana, unsur rasa, jeung unsur amanat. Tema atawa jejer kawih nyaeta hal poko anu ngajiwaan eusi rumpaka kawih. Nada jeung suasana kawih nyaeta sikep anu nulis rumpaka kawih anu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca kawih. Rasa kawih nyaeta anu ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan nu aya dina rumpaka kawih. Kukituna rasa kawih bakal kaciri umpama eta kawih dihaleuangkeun. Amanat kawih nyaeta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku anu ngahaleuangkeun kawih atawa anu ngarang kawih ka anu maca atawa anu ngaregepkeun eta kawih.
Amanat kawih nyaeta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku anu ngahaleuangkeun kawih atawa ku anu ngarang kawih ka anu maca atawa anu ngaregepkeun eta kawih. Jadi sacara singget amanat kawih nyaeta sarua jeung eusi kawih. Umpama nilik kana susunan rumpaka anu aya dina kawih Bubuy Bulan, susunan rumpaka kawih Bubuy Bulan rek siga susunan rumpaka anu aya dina sisindiran. Dina rumpaka sisindiran aya bagean anu disebut cangkang jeung aya bagean anu disebut eusi, kitu oge dina rumpaka kawih Bubuy Bulan, aya bagean cangkang jeng bagean eusi. Anu mangrupakeun bagean cangkang dina kawih Bubuy Bulan nyaeta kekecapan:
Bubuy bulan
Bubuy bulan sangray bentang
Panon poe
Panon poe disasate
Situ Ciburuy
laukna hese dipancing
Nyeredet hate
Ningali ngeplak caina
Sedengkeun anu mangrupakeun bagean eusi dina kawih Bubuy Bulan nyaeta kekecapan di handap. Kekecapan anu di handap ieu oge mangrupakeun kekecapan anu bisa dijadikeun sumber pikeun ngajelaskeun unsur amanat tina kawih Bubuy Bulan:
Unggal bulan, unggal bulan
Unggal bulan abdi teang
Unggal poe,unggal poe
Unggal poe oge hade
Duh eta saha
nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate
Ningali sorot socana