kumaha patalina dongeng jeung kahirupan sapopoe
B. Daerah
kinanti843
Pertanyaan
kumaha patalina dongeng jeung kahirupan sapopoe
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dongeng mangrupakeun karya sastra wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa karya sastra prosa, nyaeta anu disebut prosa buhun jeung prosa anyar atawa prosa modern. Dongeng teh kaasupna kana prosa buhun. Conto karya sastra lianna anu kaasup prosa buhun nyaeta saperti carita wayang. Sedengkeun karya sastra anu kaasup prosa anyar nyaeta saperti carita pondok atawa carpon jeung novel. Jadi dongeng, carita wayang, capon jeung novel, sanajan eusina sarua mangrupa carita, eta karya sastra teh miboga ciri hasna sewang-sewangan.
Sanajan eusi carita nu aya dina dongeng teh sok loba bohongna atawa pamohalan, dina eusi dongeng mah sok loba atikan anu aya manngpaatna pikeun kahirupan urang utamana atikan anu bisa dijadikeun picontoeun ku barudak. Sabab ari barudak mah sok resep pisan kana carita anu hayal nu aya dina dongeng teh. Ku kituna kusabab barudak resep kana carita nu aya dongeng, dongeng bisa dijadikeun alat pikeun mere conto ka barudak.
Anu ngabedakan dongeng jeung carita pondok (carpon) jeung novel, utamana mah yen dongeng teh sok miboga carita anu pamohalan atawa loba bohongna. Sanajan dina carita carpon jeung novel aya oge carita anu hayal, tapi carita nu aya dina carpon jeung novel mah biasana caritana asup kana akal, henteu siga dongeng. Jadi sabenerna mah kabeh karya sastra wangun lancaran atawa prosa, boh prosa buhun boh prosa anyar, aya patalina jeung kahirupan sapopoe, tapi dongeng, saperti disebutkeun di luhur, miboga ciri khas dina eusi carita, anu loba dipikaresep, utamana ku barudak.