naon hartina katineung menurut kamus bahasa sunda
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dina basa Sunda kecap katineung bisa miboga harti anu beda-beda. Katineung hartina nyaeta kanyaah, kaasih atawa katresnan. Tapi katineung bisa oge hartina kenangan atawa kenang-kenangan. Katineung kecap asalna tina tineung. Tineung hartina inget bae, saperti inget bae ka anu dipikaasih.
Pembahasan
Conto kalimah anu make kecap katineung nu hartina kanyaah nyaeta saperti "Abdi masihan ieu teh kanggo tawis katineung". Katineung bisa oge hartina jalma anu dipikainget, dipikanyaah atawa dipikasono, saperti dina kalimah "Neng Wati katineung abdi" hartina kira-kira "Neng Wati anu dpikainget/dipikanyaah/dipikasono ku abdi".
Tineung atawa nineung nyaeta lemesna tina kecap kangen. Dina basa Sunda sok sering disebut-sebut kekecapan atawa istilah "paturay tineung". Harti tina paturay tineung nyaeta pasamoan anu diayakeun pikeun nunjukkeun katineung dina rek papisah anu jauh.
Pelajari lebih lanjut
- Pengertian paturay tineung https://brainly.co.id/tugas/12639391
- Eusi kawih paturay https://brainly.co.id/tugas/516445
- Makna lagu paturay tineung https://brainly.co.id/tugas/3148635
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda
Bab : 6
Kode : 8.13.6
Kata Kunci : Katineung hartina