B. Daerah

Pertanyaan

syarat jadi mc dalam bahasa sunda

1 Jawaban

  • MC nyaeta singgetan tina Master of Ceremony, dina basa Sunda MC disebutna panata acara. Panata acara nyaeta jalma anu miboga tugas ngatur susunan hiji acara sarta mingpin atawa ngiringkeun lumangsungna hiji acara, ti mimiti bubuka nepi ka panutup acara. Kukituna, panata acara teh miboga tugas anu penting dina suksesna hiji acara.

    Anu jadi syarat pikeun mancen tugas salaku panata acara atawa MC sabenerna mah henteu jauh beda jeung tugasna saurang anu nepikeun biantara atwa pidato. Biantara nyaeta nepikeun kedalan atawa cacarita di hareupeun jalma rea anu naskahna disusun rapih sarta merenah.

    Aya sababaraha hal anu perlu diperhatikeun ku panata acara sangkan bisa sukses dina mingpin lumangsungna hiji acara. Hal anu perlu diperhatikeun nyaeta diantarana pasemon panata acara teh kudu gumbira tur someah, pilihan kekecapan anu merenah, lentong atawa luhur handapna sora anu pas, sarta lafal atawa tarik launna sora oge kudu merenah.

    Dina pilihan kekecapan anu merenah, khusus pikeun MC dina acara anu ngagunakeun basa Sunda, aya patalina jeung ragam basa Sunda anu digunakeun, ragam basa Sunda anu digunakeun kudu merenah, ulah pacampur. Dina basa Sunda aya dua rupa ragam basa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma.

    Umpama ngabandingkeun jeung biantara, cara-cara nepikeun biantara anu alus, nyaeta ku ngalarapkeun prinsip TAMAN, oge bisa dilarapkeun dina mancen tugas salaku MC. TAMAN nyaeta singgetan tina Tatag dina nyaritana, Actual dina temana, Munel dina eusina, Alus dina basana, sarta Ngandung wirahma.

Pertanyaan Lainnya