B. Daerah

Pertanyaan

2 conto kalimah bilangan sunda

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Paguneman
    Kelas : VII (1 SMP)
    Pembahasan :

    Hiji kalimah anu ngabogaan unsur-unsur subjek atawa jejer, predikat atawa caritaan, objek jeung katerangan disebut kalimah lengkep atawa oge sok disebut kalimah SPOK. Anu dimaksud kalimah bilangan nyaeta kalimah anu predikatna atawa caritaanana mangrupa kecap bilangan. Dihandap ieu conto kalimah bilangan :

    1. Anu hadir dina sawala teh sapuluh orang
    2. Jarakna dua kilometer

    Salian ti kalimah bilangan teh aya oge anu disebut kalimah pagawean, kalimah baragng jeung kalimah sifat. Kalimah pagawean nyaeta kalimah anu caritaanana atawa predikatna mangrupa kecap pagawean. Kalimah barang nyaeta kalimah anu caritaanana atawa predikatna mangrupa kecap barang. Sedengkeun kalimah sipat nyaeta kalimah anu caritaanana atawa predikatna mangrupa kecap sipat atawa kaayaan.

Pertanyaan Lainnya