B. Daerah

Pertanyaan

Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas IV nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Hadirin sadaya.

Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb
.

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Biantara
    Kelas : X (1 SMA)
    Pembahasan :

    Dalam bahasa Sunda, pidato disebutnya biantara. Salahsatu hal yang paling penting dalam bianatara atau pidato yang menggunakan bahasa Sunda adalah ragam bahasa yang digunakan harus tepat. Dalam bahasa Sunda ada dua ragam bahasa, yaitu ragam bahasa hormat atau halus dan ragam bahasa akrab atau kasar.

    Dalam Ragam bahasa Sunda halus ada dua macam bahasa halus, yaitu bahasa halus untuk diri sendiri dan bahasa halus untuk orang lain yang lebih tua atau yang dihormat. Dalam contoh pidato di atas, pidato bahasa Sunda tersebut dapat dimengerti maksud dan artinya.

    Tetapi jika dilihat dari ragam bahasa yang digunakan, contoh pidato bahasa Sunda tersebut menggunakan ragam bahasa yang kurang tepat atau campuran, di bawah ini adalah saran perbaikan untuk contoh pidato tersebut di atas :

    Assalamualaikum Wr. Wb
    Wilujeng Enjing Sadayana.

    Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas IV nu dipikacinta.

    Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

    Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atanapi wajib ngajagi lingkungan sareng awak sorangan supados ditebihkeun tina sagala rupi panyawat. Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atanapi ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atanapi beresin kedah nutupan baham. Saupami sadidinten urang ngajagi kaberesihan, awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala rupi kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan supados hate urang ge suci sareng bersih.

    Hadirin sadaya.

    Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.

    Hatur nuhun kana perhatosanana.

    Wassalamualaikum wr. wb.

Pertanyaan Lainnya