basa anu digunakeun dina biantara
B. Daerah
CyanBladeX334
Pertanyaan
basa anu digunakeun dina biantara
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Biantara nyaeta nepikeun cacarita atawa kedalan ngeunaan hiji pasualan di hareupeun jalma rea anu naskahna disusun sacara merenah jeung rapih. Aya dua rupa bintara, umpma ditilik tina suasanana, nyaeta biantara resmi jeung biantara anu teu resmi.
Dina basa Sunda aya dua rupa ragam basa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Ragam basa anu digunakeun dina biantara gumantung kana saha anu nepikeunnana jeung saha anu ngabandunganna eta biantara. Dina biantara bisa digunakeun Ragam Basa Hormat / Lemes atawa Ragam Basa Loma.
Umpama anu nepikeun biantara nyaeta pa guru dihareupeun murid, bisa digunakeun Ragam Basa Loma. Sedengkeun umpama anu nepikeun biantara nyaeta saurang murid di hareupeun bapa/ibu guru, tangtu kudu ngagunakeun Ragam Basa Hormat / Lemes.